Dongeng Sasakala Bahasa Sunda Singkat

Dongeng Sasakala Bahasa Sunda Singkat

dongeng sasakala dalam bahasa sunda

Daftar Isi

1. dongeng sasakala dalam bahasa sunda


sasakala talaga warna

2. Contoh judul dongeng sasakala bahasa sunda


,Conto judul-judul dongéng sasakala Sunda di antarana: Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Talaga Warna, Sasakala Gunung Gajah, Sasakala Ratna Inten Déwata, Sasakala Cika-Cika. Di Cianjur, sawatara dongéng sasakala di antarana; Sasakala Hayam Pelung, Sasakala Kuda Kosong, Sasakala Béas Pandanwangi, Sasakala Lembur Sabadar, Sasakala Kampung Sodong, Sasakala Leuwi Batok jeung Asal-Usul Cianjur, Sasakala Ciguriang, Sasakala Cikalong, Sasakala Gunteng, Sasakala Pasir Panglay, Sasakala Hegar Manah, Sasakala Gang Laksana, Sasakala Kampung Samolo, Sasakala Kampung Warung Jambu, Sasakala Rancagoong, Sasakala Lembur Cimaja,


3. naon anu dimaksud dongeng sasakala(bahasa sunda)​


Jawaban:

Dongeng sasakala nyaeta mangrupakeun hiji carita rekaan anu nyaritakeun asal usul atawa asal mula hiji tempat, tokoh, atawa kajadian, anu can pasti bebeneranna. ... Dongeng sasakala mangrupakeun carita anu nyebarna turun tumurun, sarta ku sarerea dianggap miboga dasar kasajarahan anu geus jadi milik sagolongan masarakat

Penjelasan:

semoga membantu,jadikan jawaban tercedas

Jawaban:

Dongeng sasakala atawa legenda nyaeta hiji carita rekaan anu nyaritakeun asal usul atawa asal muasal hiji tempat, tokoh, atawa kajadian, anu can pasti bebeneranana. Sanajan eta carita sasakala teh can pasti bebeneranana, biasana ari anu nulisna atawa oge masarakat satempat mah sok yakin pisan yen eta dongeng sasakala teh mangrupakeun carita anu nyata.

Dongeng sasakala dina sumebarna turun tumurun, sarta ku sarerea dianggap miboga dasar kasajarahan anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Conto sababaraha dongeng sasakala Sunda anu aya di antarana nyaeta saperti : Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Sasakala Talaga Warna, Sasakala Gunung Gajah, Sasakala Cika-Cika, Sasakala Ratna Inten Déwata, jeung Sasakala Situ Bagendit.

Penjelasan:

SEMOGA MEMBANTU


4. apa yangg di maksud dongeng,sasakala,mitos,fabel,parabel,dan babad tapii pake bahasa sunda,jawabb yahh;;)


Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa moderen. Conto prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa moderen nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.

Pembahasan

Dongeng nyaeta carita rekaan atawa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Dongeng kaasup kana prosa buhun. Ciri utama tina dongeng nyaeta caritana anu pamohalan atawa teu asup kana akal. Aya sawatara rupa dongeng nyaeta saperti sasakala, mitos, fabel, parabel jeung babad.Sasakala atawa sok disebut oge legenda, nyaeta dongeng anu eusi caritana dipercaya ku penduduk satempat yen carita eta teh bener-bener kungsi aya atawa kajadian, tapi dongeng sasakala mah henteu dianggap suci atawa sakral saperti mitos atawa mite.Mitos atawa mite nyaeta rupa dongeng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu ku masarakat dianggap karamat. Carita nu aya dina mitos miboga latar jaman baheula, anu ngandung tafsir ngeunaan alam semesta sarta mahluk nu aya di jerona, sarta dianggap bener-bener kajadian anu ngarang eta carita atawa ku panganutna. Fabel nyaeta dongeng anu eusi caritana ngagambarkeun budi pekerti ataw watak jelema anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang.Parabel nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana pikeun nepikeun ajaran agama, moral, atawa kabeneran ku ngagunakeun ibarat atawa babandingan jeung jalma anu dianggap mahiwal atawa beda ti batur. Carita nu aya dina parabel loba pikaseurieun, tapi ngandung atikan.Babad nyaeta dongeng anu eusi caritana aya hubunganana jeung carita sajarah. Carita nu aya dina dongeng babad biasana nyaritakeun carita saperti ngeunaan kapahlawanan, kawanian, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma.

Pelajari lebih lanjut

Unsur anonim dina dongeng https://brainly.co.id/tugas/13882470 Pengertian dongeng dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/9760216 Ciri-ciri umum dina dongeng brainly.co.id/tugas/12573419

__________

Detil Jawaban

Kelas : VII

Mapel : Bahasa Sunda - Dongeng

Bab : 5

Kode : 7.13.5

Kata Kunci : Dongeng, carpon, prosa


5. dongeng bahasa sunda yang singkat kak plisss:-)(((


Jawaban:

JUDUL : GAJAH ELEH KU SIREUM

Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di tegalan. Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta, keur digawe nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir leutik patingarenclo.

Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang. Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zebra oge teu mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah.

Ari minangka alat komunikasina antar sireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk. Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter.

Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag.

Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali. Manehna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah. Nya gajah teh dibejaan.

“Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan.

“Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana teh sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan.

Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang.

Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya rewuna teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur.

Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah ditangtang perang. Gajah ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari sombong. Manehna seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan sireum teh nyieun lombang nu jerona salaput gajah.

Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh.

Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea. Atuh ditangtang kitu asa dilelewean, gajah teh beuki ambek.

Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana lombang tea, ngan gurawil we gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang. Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat.

Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun deui terus we napuk nyarocoan. Teu dibere ampun beuki lila sireum teh beuki loba, antukna gajah bobor karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.

Penjelasan:

Dongeng bahasa sundaa


6. Dongeng singkat bahasa sunda


 Dongeng bahasa sunda si kabayan ngala nangka

Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”

“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.

“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.

“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléo


7. Contoh dongeng singkat bahasa sunda pasundan


Jawaban:

dongeng si kabayan maaf klo salah ya kak


8. Dongeng singkat dalam bahasa sunda beserta artinya


judulnya: Dua anak raja

Dina hiji mangsa aya karajaan anu kacida pisa makmurna, sadaya kaperluan rakyat kacumponan ku karajaan. Pokonanamah sagalana garatis sareng upami kedah aya anu dipeser oge hargana mirah pisan. Raja terus ngusahakeun supaya sagalana gratis.

Artinya: Pada suatu hari ada sebuah kerajaan yang sangat makmur, semua keperluan rakyat terpenuhi oleh kerajaan. Pokoknya segala keperluan pokok gratis, jika ada yang harus dibeli pun harganya sangat murah. Raja terus mengusahakan agar apapaun keperluannya gratis.


9. Tuliskan cerita Fabel,Dongeng Sasakala(Legenda),Farabel,Sage,Dan Mite dalam bahasa sunda!Mohn batuannya​


Arti fabel , farabel , mite / mitos , sasakala / legenda , sagé / pamuk dalam bahasa sunda!!

1. Fabel = carita pondok mangrupa dongeng nu ngagambarkeun watak atawa budi pekerti jelema anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang.

2. Parabel = carita rekaan pikeun nepikeun ajaran agama, kabenaran, atawa moral ku ngagunakeun ibarat atawa perbandingan. Lamun fabel mah dina ngaibaratkeun teh sok ngagunakeun sasatoan, tatangkalan atawa barang, sedengkeun parabel mah dina ngaibaratkeun teh ngagunakeun jelema.

3. Mite / mitos = carita prosa rakyat anu nyaritakeun carita anu miboga latar mangsa baheula, anu ngandung tafsir ngeunaan alam semesta sarta mahluk nu aya di jerona, sarta dianggap bener-bener kajadian ku penulisna atawa ku penganutna.

4. Sasakala / legenda = carita nu dipercaya ku sababaraha penduduk satempat yen carita eta bener-bener kajadian, tapi henteu dianggap suci atawa sakral saperti mitos.

5. Sage / pamuk = carita anu aya hubunganana jeung carita sejarah, anu nyaritakeun kawanian, kapahlawanan, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma.

Penjelasan:

semoga membantu;)


10. Dongeng singkat bahasa sunda


" KUDA HADE BUDI "

Aya maung euker mah geus kolot katambah gering,ngakungsar handapeun tangkal kai bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu keur gegerungan tea.

SEMOGA MEMBANTU*_*
SEMANGAT KAWAN✔✔✔

11. contoh dongeng legenda singkat bahasa sunda



sasakala situ bageundit
Contoh dongeng bahasa sunda, sasakala situ bageundit
Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-
mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit
téh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh
saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit.
Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti
pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning
lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun
manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak.
Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da
sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka
sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung
sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit
nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga.
Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang
geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung
tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia
tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés,
bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok
nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-
aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana
gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun,
pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian.
Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna
mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit
manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu
goréng, moal taya wawalesna.”
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya.
Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé
patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah!
Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé
pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna,
jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar
pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka
palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu
weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da
batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki
gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi
Bagendit.

12. contoh dongeng bahasa sunda singkat


CIPEUCANG

Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna letikan ti embe.
Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masi loba jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana tea.
Kuya Nyieun Suling

Sakadang kuya manggih tulang maung ti leuweung. Ceuk pikirna alus lamun
dijieun suling. Ngan kusabab menehna mah teu bisaeun ngaliangan, kapaksa menta
tulung kasakadang bangbara. Sanggeus diliangan tulang maung teh bisa ditiup.
“Tret trot tret trot,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
torotot heong.”
Ngan ceuk pikir kuya masih keneh kurang alus, kudu ditroktrokan heula. Harita
keneh manehna nepungan sakadang caladi. Kabeneran caladi teh daekeun. Sanggeus
ditroktrokan mah suling teh rada alus.
“Tret trot tret trot,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
ditroktrokan ku caladi,
torotot heong.”
Sakadang kuya ngarasa can sugema, sabab ceuk rasana suling teh tacan sampurna. Keur nyampurnakeunana kudu dipasieup heula. Ceuk dina pikir kuya nu ahli masieup teu aya deui lian ti sakadang sireupeun. Harita keneh kuya indit nepungan sireupeun. Sanggeus dipasieup suling teh ditiup deui.
“Tret trot tret trot,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
ditroktrokan ku caladi,
dipasieup ku sireupeun,
torotot heong.”

13. dongeng sasakala dalam bhs sunda


Sasakala fairytale
Semoga membantu

14. Dongeng paling singkat pake bahasa sunda plis jawab


Jawaban:

dina hiji mangsa..aya Sato nu ngarana Kuya jeng Monyet.. Eta kuya jeng monyet teh silih asih..babaturan pisan.. tapi hiji waktu..si monyet hianat ka si kuya ku sabab si monyet ninggali si kuya ngabogohan kabogohna si monyet.. ti dinya si monyet jeng si kuya pasea..teu akur salilana


15. amanat cerita dongeng sasakala gunung geulis dalam bahasa sunda


Jawaban:

amanatna nyaeta urang kedah tetep kana niat aslina, urang ulah sombong sareng sarakah

Penjelasan:

semoga membantu


16. dongeng sasakala majalengka singkat​


Jawaban:

DINA abad ka XVI, di wewengkon Majalengka ayeuna aya tilu Karajaan. Cakra Ningrat ngaheuyeuk karajaan-karajaan Rajagaluh, Pucuk Umum di Talaga jeung Nyi Rambut Kasih ratu Sindangkasih.

Nyi Rambut Kasih lain bae geulis kawanti-wanti, tapi deuih kawentar sakti. Ratu anu gede wibawa jeung gede komara, sarta jadi panutan masyarakat.

Sabagian tina wewengkon Sindangkasih harita masih mangrupa leuweung geledegan. Di antara tutuwuhana aya anu disebut tangkal maja anu khasiatna pikeun nyageurkeun kasakit muriang.

Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon, nyakrawati Syeh Syarif Hidayatulloh. Jaman harita di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba anu kaserang. Syarif Hidatulloh lajeng ngutus Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun neangan buah maja sangkan urang Cirebon anu katerap panyakit muriang calageur deui.

Nya terus bae utusan teh arindit. Salian ti rek neangan buah maja teh, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan sejen nyaeta rek nyebarkeun Agama Islam.

Lantaran utusan ti Cirebon daratangna ka Sindangkasih heunteu permisi heula, Nyi Rambut Kasih bendu. Anjeuna teu rido wewengkon kakawasaanna di tincak ku jalma lain.

Nya Nyi Rambut Kasih laju ngawatek kasaktianana. Leuweung nu asalna pinuh ku tangkal maja teh langsung ngaleungit. Nepi ka dua utusan teh teu manggih anu diteanganana, lantaran tangkal maja anu tadina loba teh jadi euweuh.

“Majane langka, majane langka,” ceuk utusan dina basa cirebon. Nu maksudna majana euweuh. Nya nelah bae jadi Majalangka terusna dirobah jadi Majalengka.

Sanajan anu diteanganana teu kapanggih, pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus mulang deui ka Cirebon. Ceuk angkeuhanana, sugan wae dina hiji waktu mah bakal manggihan tangkal Maja. Jadi dua utusan teh tuluy neangan eta tangkal, bari sakalian nyebarkeun agama Islam.

Sabada ngawurukan bagbagan agama Islam kabalarea di sabaraha tempat, Pangeran Muhamad terus matuh di gunung Margatapa. Ari Siti Armilah upaya satekah polah pikeun ngaislamkeun Nyi Rambut Kasih. Ngan keukeuh teu hasil. Nyi Rambut Kasih tetep kana agamana, nepi ka ahirna mah ngahiang.

Sabada ditinggalkeun ku Nyi Rambut Kasih, karajaan Sindangkasih aya dina kakawasan Cirebon sarta saterusna jadi Majalengka.

Pangeran Muhamad tilar dunya, dimakamkeun di Margatapa. Ari Siti Armilah mah dimakamkeun di tukangeun Pendopo Kabupaten Majalengka ayeuna anu katelahna makam “Ki Bedeng Badori”.

Kitu cenah. Wallohualam.

Diropea ti Grup Salaka

Penjelasan:

semoga membantu ya maaf kalau salah ya


17. Dongeng paling singkat dalam bahasa sunda


nyaeta dongeng
petruknyaeta dongeng petruk

18. Pilari dongeng dongeng sasakala nu aya Ditatar sunda


Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
Sasakala Situ Bagendit
Sasakala Gunung Burangrang

19. arti sasakala dalam bahasa sunda?


dongeng / cerita jaman dahuluarti sasakala dalam bahasa sunda adalah LEGENDA

20. contoh dongeng parabel Bahasa Sunda singkat​


Jawaban:

si Kabayan gala nangka

sikabanyan gala Tutut

kisah abu Nawas

maling Kundang anak durhaka

legenda batu menangis

maaf kalo salah :)


21. dongeng singkat bahasa sunda


GAGAK HAYANG KAPUJI


 

Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan. 

Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.” 

Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge. Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk pang hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh". 

Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun. 

Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. 

Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!”. 

Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy dihakan di nu bala. 

Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna. 

Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing.


22. kumaha suasana kajadian dongeng sasakala selat sunda jeng gunung krakatau


Jawaban:

saya tidak mengerti bhasa sunda

Penjelasan:

sorry banget nih


23. Tema, tokoh, latar, alur, amanat dan jenis dongeng sasakala pamanukan dalam bahasa sunda


Sunda: téma, karakter, setting, plot, pesen, sareng dongéng sakakala

Indonesia:tema,tokoh,latar,amanat,dan jenis dongeng sakakala


24. Dongeng legenda bahasa sunda singkat selain situ bagendit. ​


Jawaban:

sangkuriang

Penjelasan:

sangkuriang = tokoh utama dlm dongeng legenda di daerah lembang bandung jawa barat


25. Dongeng bahasa sunda yang singkat?mohon dijawab karena besok dites​


Dongeng Entog Emas


Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah teu boga dulur-baraya, malih garwa mah.  

Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan.  

Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ . Mang Julin teu dahar ngan karo uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah.  

Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen cahya nu kacida serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog emas. 

Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna.  

Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang entog teh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin.   

Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun mawa endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog. 

Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak dipake kabutuhan sapopoena.


26. dongeng bahasa sunda yang singkat


1.GAGAK hayang kapuji.
2 . WAWAN les ka nu TELENGES
3 . Kuda hade budi

27. ✨Quiz✨Tuliskan dongeng "Sasakala situ bagendit" secara singkat tapi jelas (harus pake bahasa "Sunda")Di jawab dengan benar ya✨#No Ngasal²[tex]total \: poin |30| [/tex]​


Jawaban:

Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah ngaran nénehna, da ngaranna sajatina mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh.

Kajaba ti teu aya anu ngawawuhan, Nyi Endit téh émang jalma nunggul pinang, geus teu kadang warga, hirup téh éstu nunggelis. Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak.

Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal disebut medit. Kacaturkeun basa usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari saréngsé dijieun jeung sanggeus paréna di kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatanggana.

Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotéap geus bérés bari tingkaretap kénéh.

Penjelasan:

semoga bermanfaat❤

28. ciri ciri dongeng fabel,parabel,sage,mite,sasakala dalam bahasa sunda


tawis tawis dongeng :

○Alur anu dipake basajan 
○Carios na singget sarta usik enggal 
○Sipat inohong henteu diuraikeun sacara rinci 
○Carios na ditepikeun ti sungut ka sungut atawa sacara lisan 
○Talatah atawa tema terkadang dituliskeun dina carios 
○Umumna,mimitian na singget pisan sarta langsung.

tawis tawis dongeng fabel:

●Inohong utami sato 
●Alur carios na basajan 
●Carios singget sarta usik enggal 
●Sipat inohong henteu diuraikeun sacara terperinci 
●Gaya penceritaan sacara lisan 
●Talatah atawa tema sakapeung-sakapeung dituliskeun dina carios 
●Mimitian singget pisan sarta langsung.

Tawis tawis dongeng parabel: 

♡lnohong na jalmi 
♡Ngajarkeun moral,ageman,leresan 
♡Didalamnya ngandung kiasan kiasan

Tawis Tawis dongeng sage:

1.ngagunakeun alur nu basajan
2.carita na singket jeung unggut gancang 3.sipat inohong teu diuraiken sacara rinci




29. Dongeng paling singkat dalam bahasa sunda


Si Reungit jeung Ceuli

DIna hji mangsa aya raja bangsa reungit nu boga sueng alus pisan. Eta sueng dipapake terus kamana-mana, bari manehna agul jeung nembongkeun ka kabeh mahluk.

Dina hiji mangsa aya jelema nu teu resepeun ka eta ratu reungit, hayang nyokot eta sueng nu alus tea. Bari ngeteyep lalaunan eta jelema maling sueng dina ceuli ratu reungit tuluy lumpat. Si ratu reungit ngorejat bari ngoceak ka punggawana ngarah newak eta jelema. Tapi orokaya si jelema kaburu ngiles kabur.

Ti saprak eta ratu reungit terus nitahan pa para punggawana keur neangan suengna nu leungit di unggal ceuli jelema.

Pembahasan

Dongeng nyaeta carita baheula lolobana keur barudak, biasana loba pamohalanana. Siga carita di luhur ngeunaan ratu reungit make sueng atawa giwang. Apanan pamohalan reungit bisa make sueng, tapi dina dongeng so aya pituah nu aya gunana keur urang atawa keur barudak.

Siga dina dongeng di luhur pituah nu bisa dicokot nyaeta ulah ngabogaan sipat sombong jeung agul matak pikasebeleun batur. Sabalikna urang kudu handap asor, someah darehdeh sopan ka batur, ulang adigung gede hulu.

Dongeng di luhur oge bisa kaasup kana dongeng sasakala, nyaeta nu nyaritakeun asal muasal hiji perkara. Loba nu ngomongkeun yen dongeng eta sasakala kunaon reungit sok ngahiung kana ceuli jelema. Ngaranna dongeng jeung sasakala sok pamohalan, ku urang ngan bisa dicokot pituahna hungkul.

Pelajari lebih lanjut

Dongeng Sunda

https://brainly.co.id/tugas/2263457https://brainly.co.id/tugas/7089698https://brainly.co.id/tugas/10238568Detail Jawaban

Kelas: 7

Mapel: Bahasa Sunda

Bab:

Kode: 7

#AyoBelajar


30. tulis cerita singkat tentang sasakala gunung takuban perahu Note : *Dalam Bahasa Sunda


Dahulu hiduplah seorang dewi bernama Dayang Sumbi di Pasundan, Jawa Barat. Suatu hari dia pergi mencuci baju ke sungai, dan salah satu kainnya terbawa arus. Dia pun bersumpah, siapa saja lelaki yang menolongnya akan dinikahinya. Tak lama datanglah seekor anj1ng membawa kain miliknya, dan sesuai janjinya dia akan menikahinya. Anj1ng itu bernama Tumang, yang merupakan jelamaan dewa.

Setelah beberapa waktu mereka memiliki anak bernama Snagkuriang. Sangkuriang dibesarkan tanpa mengetahui bahwa Tumang adalah ayahnya. Suatu hari, Sangkuriang dan Tumang berburu di hutan. Namun, saat itu tidak ada bab1 hutan atau rusa yang lewat. Lalu, Sangkuriang menyuruh Tumang untuk mencari buruan, namun Tumang tetap diam. Karena kesal, Sangkuriang memb*n*h Tumang dan diambil hatinya.

Tumang pun pulang ke rumah membawa hati Tumang. Selesai dimakan, ibunya kaget saat diberitau daging itu adalah hati Tumang. Ia akhirnya mengusir anaknya dari rumah. Beberapa tahun kemudian, Tumang tumbuh menjadi pemuda hebat dan kuat. Suatu hari ia bertemu dengan ibunya Dayang Sumbi, namun tidak mengenalinya.

Dan ia berniat menikahi Dayang Sumbi karena ternyata dia awet muda. Dayang Sumbi tau bahwa itu anaknya sehingga dia meminta syarat untuk membuatkannya danau dan perahu selama 1 malam. Sangkuriang segera membuat nya dengan bantuan makhluk halus. Dayang Sumbi yang mengetahuinya menggagalkan rencana pembangunan itu. Sangkuriang pun marah saat mengetahui hal tersebut dan menendang perahu yang dibuatnya. Perahu ini kemudian berubah menjadi gunung yang disebut Tangkuban Perahu.

semoga membantu


Video Terkait

Kategori b_daerah